Carita Sunda: Kabogoh

Jadi ras inget kana salah sahiji lirik lagu anu unina kIeu ” malam minggu, hey si malam panjang”, kuring sabenerna mikir 125 kali lamun kudu percaya yén malam minggu leuwih panjang tibatan malem-malem nu séjénna. Tapi sanggeus dirasa-rasa mah, bener ogé lamun malem minggu téh malem panjang, komo lamun keur anu boga kabogoh mah asa 1000 (sarewu) peuting tah sapeuting téh.

Di lembur Ciégang mah kuring katelah Joker Sajati, da tisaprak beger nepika umur lukutan acan pernah boga kabogoh. Teuing kunaon ampir kabéh awéwé caruaeun ka kuring. Padahal lamun ditilik-tilik mah beungeut jeung dedegan moal jauh jeung Dude Herlino. Ngaran mah mémang deukeut jeung manéhna, da ti barang brol ku anu jadi kolot pituin geus dingaranan Didih Somantri Herniawan. Paling keuheul lamun aya anu nyebut, Herniawan ka kuring, komo lamun élég jeung batur saentragan geus maceuh mah sok disebutan Si Burut kuring téh.

Kuring teu goréng-goréng teuing, irug mancung, kumis ngajelér paéh, lamun ceuk babaturan mah Si kumis tipis, dina gado aya karang persis Rano Karno, ngan huntu geus ampir béak kari tilu siki deui. Umur mah sarua jeung si Itok anu geus boga incu tilu, nya kana 51 taunan lah umur téh.

Ngeunaan pakasaban? Mémang teu saluyu jeung kahayang anu jadi kolot. ” Matak disakolakeun jauh-jauh ka Beukimolhor University ogé sangkan silaing jadi pagawé kantoran, seblu!” masih kadéngé omongan anu jadi kolot waktu kuring boga niat rék dagang és doger di kampung. Ijazah anu yudisium cum laude jurusan Teknik téh geus bulukan. Ayeuna mah hirup téh rék sakabrang-kabrangna baé, kana gawé mah jabrugan, rék ngadon macul, ngaduk atawa ngagali sumur teu weléh dilakukeun ku kuring seja nyambungkeun hirup.

Ngan teuing kumaha, dadak sakala dina poé Juma’ah Pahing kuring ujug-ujug boronyony wéh bogoh ka Néng Mis’ah Binti Bapa Ikin Sarnikin.Hiji mojang lenjang, anu geulis ka wanti-wanti, umurna kira-kira 20-taunan, beda 30 taun jeung kuring. Da jeung bapana gé, nyaéta Ikin Sarnikin tea heuleut dua taun gubrag ka dunya téh. Ah, sok sanajan kitu, rék modal nekad wé kuring mah, cinta khan dikelilingi oleh keajaiban…, kitu pan?

Keur ngungkapkeun rasa bogoh ieu kuring can boga cara, Ngan ceuk si Olot mah ajak wé ulin ka sawah ceunah, diuk paduduaan dina galengan. Ah, usul anu mustahil. Pokona rék dipegat ku kuring lamun Neng Mis’ah ngaliwat ka jalan.

Malem minggu, kuring geus siap-siap rék megat manehna, buuk luis da maké minyak Brisk, dikaméja célé, teu poho minyak seungit disemprotkeun kana kélék. Geus ngarasa cukup, bral miang. Gék kuring diuk handapeun tangkal nangka. Duh mani seueul, anu didagoan Neng Mis’ah ari anu jol kalah si Ocim, bari mawa gitar deuih. Gék manéhna diuk bari tatalépa nanya, genjreng ngagitar, teuing ngalagu naon da walahwah-weuleuhweuh endebay endesut kitu, ceunah laguna Avenged Sevenfold. Duh kesel ngadagoan ti mimiti dur bedug magrib nepika wanci sareureuh budak nu ditungguan can jol ngaliwat.

Ah, kagok borontok kapalang belang diontrog siah ka imahna. Jung kuring nangtung, gandeuang ngaléngkah ninggalkeun si Ocim nu beuki ngacapruk ngalaguna téh.

Teu kungsi lila kuring geus nepi ka buruan imahna. Hhh, calon mitoha téh tétéla jalma beunghar, mobil aya duana, imah loténg dua tingkat, estu hurung-hérang imahna téh. Modal bismilah kUring ngaléngkah. Ikin Sarnikin horéng aya kénéh di téras imah keur maca majalah.

“Assalamualaikum…” Kuring uluk salam

” wa alaikum salam..” jawab Ikin, ” Duh punten teu aya récéh, pak…” Mani nyeletit kana ati ari ucap-ucapan jalma beunghar.

” Ikin…!”Ceuk kuring.

Si Ikin nyidik-nyidik nepika kerung kerung tarangna, hayang awas jeung pasti.

”Yeee, geuning Kang Didih..” Calon mitoha ngagupayan, ” ari sugan téh saha… sok atuh linggih, kang!”,

Gék kuring diuk.

” Tara ti sasari Kang Didih nganjang ka saung butut..” ah balaga manéh Ikin, maké nyebut saung kana gedong sigrong. Gerentes hate.

” Aya dua hal kuring ka dieu, nu kahiji rék si aturahmi jeung manéh, Kin. Nu kaduana mah aya perlu ka Néng Mis’ah..”

” Oh, Nya kin atuh urang saur heula..” Sup Ikin asup ka Imah,

Teu lila jol manéhna kaluar deui dibarengan ku hiji bidadari. Haté sumeblak.

” Mangga, kang.. ku Iikin dikantun heula, nya!?”

Gék si geulis diuk, mani sopan.

” Aya peryogi naon, Mang?”

Ditanya kitu kuring jadi teu puguh rarasaan, jantung dagdigdug,.

” Ki..ki..ki..eu, neng. Mamang téh.. bogoh ka néng. Kapincut kalbu kapanah asmara ku salira. Anu kaimpi-impi mung salira…”

Katénjo ku juru panon, manéhna semu ngarénjag.

” Duh mamang, naon anu dipiharep ti abdi? Jalmi awon, teu harta-teu harti…”

” Mamang bogoh ka salira geulis..”

” Nya sumangga atuh ari keukeuh maksa mah. “

Ti saprak harita kuring resmi boga kabogoh, unggal tiap poé minggu kuring jalan-jalan jeung manéhna. Réa nu ngomong, ” ih… dasar aki-aki nurustunjung!”.

Tapi ku kuring teu didéngé, da kuring jeung manéhna geus jangji pasini, nepika pati.

Kampung Ciegang beuki ramé, da kuring rék dikawinkeun ku Ikin ka anakna. Kabéh ogé bati gogodeg, sarua gélona calon mitoha jeung minantu téh, kitu ceunah.

” Kang, tos waé atuh ngéndong di dieu, tuh di kamar luhur kosong…” Ceuk Ikin dina hiji peuting

Enya ogé, rék balik hujan gedé.

”Iya, aa nginap saja disinih…” Ceuk kabogoh semu kaalem

Nya kuring antukna jadi ngéndong di imah Mitoha. Gelap dordar, hujan makIn badag, kadéngé sora angin ngahiuk. Pelengseng bau menyan, seungit kekembangan. Ah teu dipaliré, mending saré.

Kadéngé, hayam jago geus kongkorongok, sora manuk piit, barang bray beunta, kuring kagét, da geuning awak geus nyangsaya di handapeun tangkal caringin, luak lieuk ka ditu ka dieu ngan saukur tangkal wungkul. Beu, kuring téh aya di leuweung geledegan geuning.

” Manusa!!! Sia teh geus diwadalkeun ka aing ku si Ikin…” Barang rét ka luhur, gebeg… Buta mani hejo beungeutna. Duh, kuring téh diwadalkeun geuning ku si Ikin Seblu, awas siah Ikin dina waktuna engké dibales kuaing. Kerewek cangkeng aya anu newak, tulang tulang karasa ringsek, kuring geus aya dina sungut buta, rauk sirah kuring digayem, teu karasa geuning…

Tah ti harita kuring resmi jadi ririwa, kuring cicing jeung matuh dihandapeun tangkal nangka, si Ocim sering pisan cicing didinya bari ngagenjreng ngagitar, teu nyahoeun lamun ku kuring sok rajeun ditangkeupan. Kacinta kuring ka Neng Mis’ah asli jeung murni dibales ku ngawadalkeun kuring ka buta héjo…

Komentar tulisan or leave a trackback: Trackback URL.

Komentar

Tinggalkan Balasan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.